Materi Warta

 Harti Warta

Warta asalna tina basa Sansakerta anu hartina kabar atawa béja. Warta nyaéta informasi ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener lumangsung sarta ditepikeun ka balaréa ngaliwatan média, boh média citak boh média digital.


Unsur-Unsur Warta (5W + 1H)

Warta miboga sababaraha unsur penting anu disebut 5W + 1H, nyaéta:

  • What (Naon) → Kajadian naon anu lumangsung?
  • Who (Saha) → Saha waé anu kalibet?
  • Why (Naha) → Naha éta kajadian bisa lumangsung?
  • When (Iraha) → Iraha waktuna kajadian?
  • Where (Di mana) → Di mana tempat kajadianana?
  • How (Kumaha) → Kumaha kronologis atawa jalan kajadianana?


Struktur Warta

Struktur warta biasana ngagunakeun piramida tibalik, nyaéta inti pangpentingna ditempatkeun di bagian luhur.

1. Judul (Headline)

Ngaran atawa téma warta anu matak narik perhatian nu maca atawa nu ngadéngé.

2. Bubuka (Lead / Teras Warta)

Bagian pangpentingna anu ngandung inti informasi tina unsur 5W + 1H.

3. Eusi (Body / Waruga Warta)

Bagian anu ngajelaskeun kajadian leuwih jero jeung leuwih lengkep.

4. Panutup

Bagian ahir anu eusina informasi tambahan minangka pelengkap warta.


Ciri-Ciri Warta

Warta anu hadé miboga ciri-ciri:

  • Objéktif, dumasar kana fakta.
  • Aktual, hartina anyar jeung can lila kajadianana.
  • Penting, aya mangpaatna keur masarakat.


Téhnik Maca Warta

Supaya maca warta leuwih hadé tur écés, aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun:

1. Artikulasi

Ngucapkeun kecap kudu écés jeung jelas, kaasup ngabédakeun sora vokal e, é, jeung eu.

2. Intonasi

Luhur-handapna sora kudu saluyu jeung tanda baca sarta eusi warta.

3. Pasemon

Ekspresi beungeut kudu cocog jeung suasana atawa eusi warta.

4. Penampilan

Kudu rapih, sopan, sarta boga sikep awak anu ajeg nalika maca warta.


Kabahasaan

A. Ragam Basa

• Basa Hormat: Dipaké pikeun ngajénan jalma anu diwartakeun, saperti tokoh masarakat, pejabat, atawa saluhureun.

• Basa Loma/Umum: Dipaké pikeun laporan kajadian sapopoé atawa kaayaan anu sipatna umum.

B. Jenis Kalimah (Nepikeun Omongan Sumber)

Aya dua cara pikeun nepikeun pernyataan ti narasumber atawa saksi:

• Kalimah Langsung: Nyutat omongan asli luyu jeung sumberna (ngagunakeun tanda kutip "...").

• Conto: “Jalan moal bisa diliwatan ku sakabéh kandaraan salila tilu poé," ceuk patugas pulisi.

• Kalimah Teu Langsung: Nyaritakeun deui maksud omongan sumber (biasana ngagunakeun kecap panyambung yén).

• Conto: Patugas pulisi nyebutkeun yén jalan moal bisa diliwatan ku sakabéh kandaraan salila tilu poé.

C. Kecap Katerangan (Waktu & Tempat)

Ieu mangrupakeun ciri utama warta sangkan sipatna faktual (nyata).

• Conto: "Kacilakaan éta lumangsung di Jalan Raya Cimaung, dinten Salasa (12/05) tabuh 07.30 WIB."

• Jéntréna: Nuduhkeun tempat jeung waktu anu spésifik/pasti.

D. Kecap Panyambung (Konjungsi Sabab-Akibat)

Dipaké pikeun nyambungkeun fakta hiji jeung fakta lianna anu aya pakaitna.

• Conto: "Hujan gedé taya eureunna ti kamari, balukarna sababaraha imah warga kakeueum ku cai."

• Jéntréna: Kecap balukarna nyambungkeun sabab (hujan gedé) jeung akibat (banjir).


TUGAS !!! 

Téangan hiji warta (béja), tuluy pigawé dumasar kana aturan di handap:

Tangtukeun Unsur 5W+1H

Naon (kajadianana), Saha (nu kalibet), Iraha (waktuna), Di mana (tempatna), Naha (sababna), jeung Kumaha(prosesna).

Jieun Kalimah Langsung & Teu Langsung

Jieun sapasang kalimah dumasar kana omongan sumber berita (narasumber).

- Jieun Kalimah Sabab-Akibat

Jieun hiji kalimah nu ngandung kecap panyambung sabab-akibat (contona: balukarna, lantaran, atawa nepi ka).





Komentar

Postingan populer dari blog ini

CARITA WAYANG (BAB 2) MATERI BAHASA SUNDA KELAS XII

Kalimah Aktif & Kalimah Pasif

Materi B.Sunda kelas 12 BAB 4 Drama