CARITA WAYANG (BAB 2) MATERI BAHASA SUNDA KELAS XII
A. Carita Wayang
Carita wayang téh carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Wayang téh mangrupakeun hiji seni pertunjukan anu asalna tina kecap “bayang” atawa “kalangkang”. Hartina wayang téh gambaran tina kahirupan manusa boh lahir boh batinna. Carita wayang biasana nyaritakeun perjuangan, kaadilan, jeung palajaran kahirupan anu dipidangkeun ku dalang bari dipirig ku gamelan. Wayang teu ukur hiburan, tapi ogé mangrupa média pikeun nyebarkeun ajaran agama jeung nilai budaya.
Wayang asalna ti India, bagian tina budaya Hindu anu nyaritakeun epos Ramayana jeung Mahabharata. Kira-kira abad ka-5 Masehi, wayang mimiti asup ka Nusantara barengan asupna agama Hindu. Dina waktos harita, wayang kulit jadi seni pertunjukan nu populér di Jawa jeung Bali. Nalika agama Islam sumebar di Nusantara dina abad ka-15, para wali maké wayang minangka média dakwah. Carita wayang dirobah supaya ngandung nilai-nilai Islam tapi tetep ngajaga unsur budaya asli.
Di Tatar Sunda, wayang sumebar sacara lisan teras ditulis dina naskah kuno jeung wawacan. Wayang kulit dipaké ku urang Sunda, teras urang Sunda nyiptakeun wayang golek dina abad ka-18. Wayang golek maké boneka kayu anu bisa digerakkeun ku dalang, sarta tokoh-tokohna kawas Cepot, Semar, jeung Dawala kacida dipikaresep ku masarakat Sunda.
Nepika kiwari, wayang golek terus dijaga tur dipidangkeun dina rupa-rupa acara budaya, oge diasupkeun kana media digital minangka cara anyar pikeun ngalestarikeun seni Sunda.
B. RUPA-RUPA WAYANG
Lalakon wayang téh rupa-rupa gumantung kana warna wayangna. Warnaning wayang anu kungsi hirup di Indonésia, di antarana waé:
- Wayang purwa: purwa téh robahan tina parwa nu hartina mimiti. Biasana lalakonna dibagi jadi sababaraha parwa, nyaéta lalakon Mahabarata jeung Ramayana sarta tuluy dianggap wayang (kulit) nu mimiti diayakeun di pulo Jawa;
- Wayang gedog: wayang kulit kénéh nu ngalalakonkeun carita Panji, saperti lalakon Panjisemirang; wayang gelung (golék elung) nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung Ramayana; wayang golék iket (wayang cepak) nyaritakeun lalakon Prabu Damarwulan, Ménakjingga, jsb.;
- Wayang titi (potéhi) nyaritakeun lalakon ti nagri Tiongkok;
- Wayang bébér lalakonna digambar dina lawon, tuluy dibébérkeun;
- Wayang klitik cara wayang golék tapi laleutik, ditanggapna ti beurang; wayangna: Jan Pieterszoon Coen, Kaptén Tack jsté.;
- Wayang krucil cara wayang golék kénéh (di Surabaya disebut wayang klitik) lalakonna Amirhamjah, Umarmaya jste.;
- Wayang wong nyaéta wayang jelema, lalakonna tina Mahabarata;
- Wayang lilingong (di Cianjur disebutna wayang klitik), lalakonna mupu kembang, jambatan beusi, jsb.;
- Wayang suluh tina kulit nyaritakeun lalakon ayeuna ngeunaan sajarah Indonesia jeung pikeun panyuluhan, tokohna jalma kaayeunakeun.
- Wayang golék dijieunna tina kai kawas bonéka, réa sumebar di Jawa Barat.
C. SUMBER CARITA WAYANG
Sumberna tina épik Ramayana jeung Mahabarata. Disebut épik téh lantaran ditulisna dina wangun puisi panjang nepika mangrébu-rébu pada (bait) jeung ngawengku sababaraha jilid épisodeu. Unggal jilid ngawengku sababaraha judul. Épik ramayana nyaritakeun lalampahan Rama, Raja Ayodya. Ari mahabarata mah nyaritakeun Bratayuda Hartina perang Brata atawa Barata, perang sadulur antara teeureuh brata nyaéta Pandawa jeung Kurawa.
D. UNSUR-UNSUR CARITA WAYANG
Unsur-unsur anu aya dina carita wayang nyaeta sarua saperti unsur anu aya dina wangun prosa lianna, nyaeta unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik. Unsur intrinsik anu aya dina carita wayang nyaeta tema, latar, galur, tokoh, watak, tokoh amanat, sudut pandang, jeung gaya bahasa. Dihandap ieu dijentrekeun unsur intrinsik anu aya dina carita wayang :
- Tema yaeta gagasan, pikiran atawa ide utama anu jadi dasar eusi catita nu aya dina catita wayang. Tema mangrupa jiwa ti sakabeh bagian catita nu aya dina carita wayang.
- Palaku & Tokoh, palaku nyaeta jalma-jalma anu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina hiji carita wayang. Sedengkeun watak, nyaeta unsur anu ngagambarkeun karakter atawa watak tokoh.
- Latar, nyaeta sagala pitunjuk atawa katerangan anu aya kaitanana jeung waktu, suasana, ruang, jeung situasi kajadian hiji peristiwa nu aya dina carita wayang. Aya tilu unsur nu dianggep pokok nu aya dina latar, nyaeta latar waktu, latar tempat, jeung latar suasana.
- Galur nyaeta runtuyan carita anu diwangun ku tahapan- tahapan kajadiananu aya nepi ka ngabentuk hiji carita dina carita wayang. Aya Galur merele (maju), galur mundur, aya oge anu bobok tengah ( flashback).
- Puseur Sawangan/Sudut Pandang, nyaeta hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina carita wayang ku nempatkeun posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun. Aya 3 puseur sawangan, diantarana 1) Jalma kahiji – ngagunakeun kecap kuring, carita ditépikeun langsung ku tokoh dina carita, 2) Jalma katilu – maké kecap manéhna, carita ditépikeun ku pangarang ti luar tokoh, 3) Campuran – sakapeung ngagunakeun kuring, sakapeung manéhna
- Gaya bahasa, nyaeta hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun carita wayang anu hirup jeung endah.
- Amanat, nyaeta pasualan, perkara, pesan atawa nasehat nu rek ditepikeun ku pangarang liwat carita wayang.
Sedengkeun unsur-unsur ekstrinsik anu aya dina catita wayang nyaeta unsur-unsur tiluar anu mangatuhan kana eusi carita anu aya dina hiji catita wayang. Unsur ekstrinsik anu pangaruhan eusi carita nu aya dina carita wayang nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.
E. NGAGUAR SANTIKANING DALANG & MIWANOH TOKOH DINA PAWAYANGAN
Dalang anu sohor diantarana Parta Suwanda (nu mimiti nyiptakeun wayang golék modéren) Abeng Sunarya (naratas “dinasti” Giri Harja nu ngalahirkeun dalng-dalang sohor), R Tjétjép Supriadi, Ade kosasih Sunarya, Dédé Amung Sutarya, Asep Sunandar Sunarya (kacatet minangka dalang pangsohorna nepi ka mancanagara)
Dina pagelaran wayang, aya sawatara istilah, di antarana :
- Murwa, nyaéta suluk atawa siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun ku dalang dina wiwitan caritana. Murwa kaasup salasahiji jenis puisi padalangan.
- Nyandra, nyaéta déskripsi adegan maké basa prosa pakeliran wayang. Aya dua rupa nyandra, nyaéta janturan jeung pocapan. Janturan mangrupa basa lancaran (prosa) dalang pikeun nyaritakeun jejer atawa adegan hiji nagara, watak wayang, jsté. anu teu dibarengan gamelan. Pocapan nyaéta nyandra anu teu dibarengan ku gamelan pikeun nyaritakeun kajadian dina adegan.
- Kakawén mangrupa basa Kawi "titiron" nu sok dipaké mamanis atawa pamantes dina ngadalang, minangka basa pamidanganana. Ngadalang anu henteu maké kakawén, lir balandongan nu teu dipapajangan atawa dipapaésam, moal pantes jeung moal ginding.
- Antawacana, nyaéta caturan wayang dina adegan. Antawacana sami sareng dialog dina drama, bédana dialog drama diucapkeun ku lobaan, ari antawacana dicaturkeun ku sorangan. Dina antawacana dalang kudu bisa ngolah wanda sorana sangkan béda dina caturan wayang-wayangna.
Dina carita Mahabarata aya dua kelompok tokoh wayang, nyaéta tokoh wayang Pandawa jeung tokoh wayang Kurawa. Tokoh Pandawa mangrupa tokoh protagonis, ari tokoh Kurawa mangrupa tokoh antagonis. pandawa téh hartina turunan Pandu Déwanata. Jumlahna aya limaan, nu sok disebut Pandawa Lilima, nyaéta Yudistira (Darmakusumah), Bima (Bratasena), Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa. Yudistira, Bima, jeung Arjuna mangrupa anak Pandu ti Déwi Kuntinalibrata. Ari si kembar Nakula jeung Sadéwa mangrupa anak Pandu ti Déwi Madrim. Saenyana, aya saurang deui lanceukna Pandawa, nyaéta Karna mangrupa anak Déwi Kunti ti Batara Surya.
Komentar
Posting Komentar