Kalimah Aktif & Kalimah Pasif
1. Kalimah Aktif
Kalimah aktif nyaéta kalimah anu palaku (anu ngalakukeun hiji pagawean) disebut di hareup kalimah. Palaku ngalakukeun hiji tindakan ka sasaran atawa udagan.
Conto:
Ema nyakolakeun abdi.
Ema = J (Jejer)
nyakolakeun = C ( Caritaan )
abdi = U (Udagan)
2. Kalimah Pasif
Kalimah pasif nyaéta kalimah anu anu ngalaman pagawean atawa kajadian disebut di hareup kalimah, sedengkeun palaku biasana disebut di tukang kalimah nganggo kecap "ku".
Conto:
Abdi disakolakeun ku ema.
Abdi = J (Jejer)
disakolakeun = C (Caritaan)
ku ema = U (Udagan)
3. Unsur Dina Kalimah (J – C – U)
- J (Jejer) Dina kalimah aktif, jejer nyaéta palaku (anu ngalakukeun pagawean). Dina kalimah pasif, jejer nyaéta anu ngalaman pagawean atawa kajadian.
- C (Caritaan), caritaan téh pagawean atawa kajadian dina kalimah, biasana kecap pagawéan.
- U (Udagan), udagan nyaéta sasaran atawa anu dialaman pagawean. Dina kalimah aktif, udagan disebut sanggeus Caritaan. Dina kalimah pasif, udagan biasana disebut sanggeus kecap "ku".
4. Tanda-Tanda Kalimah Aktif jeung Pasif
- Kalimah aktif sering nganggo rarangkén kecap pagawéan saperti: N-, Ng-, Ny-, -keun (contoh: nyakolakeun, nulis, nginum).
- Kalimah pasif sering nganggo rarangkén di-, di-keun (contoh: disakolakeun, ditulis, diinuman).
5. Kalimah Aktif Antipasif jeung Kalimah Pasif Antiaktif
- Kalimah Aktif Antipasif, kalimah aktif anu teu bisa dijadikeun kalimah pasif.
Zahra keur diajar nembang
Ieu teu bisa dirobah jadi: Nembang keur diajar Zahra (salah).
- Kalimah Pasif Antiaktif, kalimah pasif anu teu bisa dijadikeun kalimah aktif.
Mang Gandi katarajang panas.
Ieu teu bisa dirobah jadi: Panas narajang Mang Gandi (salah).
TUGAS
- Jieun 1 kalimah aktif jeung 1 Kalimah pasif nu merenah tur luyu jeung struktur kalimah Sunda (Jejer – Caritaan – Udagan)!
- Tuliskeun hiji kalimah aktif jeung hiji kalimah pasif make kecap-kecap anu disayagikeun di handap ieu!
- Ngajul, diajul
- Melak, dipelak
- Nulis, ditulis
- Baca, dibaca
- Ngetik, diketik
- Nginjeum, diinjeum
- Miceun, dipiceun
- Nyeseuh, diseuseuh
- Ngamimitian, dimimitian
- Ngurus, diurus
Komentar
Posting Komentar