Materi BAB 1 Kelas 12
Istilah tradisi asal tina basa Inggris "tradition" jeung basa Latin "traditio" anu hartina adat kabiasaan atawa tali paranti anu diturunkeun ti karuhun tur masih dilaksanakeun dina kahirupan masarakat. Adat kabiasaan (adath) ngandung harti tabéat atawa sipat bawaan anu hésé dirobah. Tradisi kaasup folklor, nyaéta kabudayaan anu diwariskeun turun-temurun sacara lisan. Dina kahirupan masarakat Sunda, adat kabiasaan patali jeung siklus hirup. Rupa-rupa upacara adat anu biasa dilaksanakeun di antarana Adat Nyiram, Ngariksa nu Reuneuh (Tingkeban), Ngariksa nu Ngajuru, Mulasara Bali, Sundatan, Ngawinkeun, jeung Kapapatenan. Sajaba ti éta, aya ogé adat husus sapertos Sérén Taun di Cisolok, Nyangka di Pajalu, Ruat Bumi di Banjarsari, Suroan jeung Saparan di Cirebon, sarta Rebo Wekasam di Bogor. Karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana. Karangan pedaran gedé mangpaatna pikeun ngalegaan ka...