CARITA WAYANG (BAB 2) MATERI BAHASA SUNDA KELAS XII
A. Carita Wayang Carita wayang téh carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Wayang téh mangrupakeun hiji seni pertunjukan anu asalna tina kecap “bayang” atawa “kalangkang”. Hartina wayang téh gambaran tina kahirupan manusa boh lahir boh batinna. Carita wayang biasana nyaritakeun perjuangan, kaadilan, jeung palajaran kahirupan anu dipidangkeun ku dalang bari dipirig ku gamelan. Wayang teu ukur hiburan, tapi ogé mangrupa média pikeun nyebarkeun ajaran agama jeung nilai budaya. W a yang asalna ti India, bagian tina budaya Hindu anu nyaritakeun epos Ramayana jeung Mahabharata. Kira-kira abad ka-5 Masehi, wayang mimiti asup ka Nusantara barengan asupna agama Hindu. Dina waktos harita, wayang kulit jadi seni pertunjukan nu populér di Jawa jeung Bali. N alika agama Islam sumebar di Nusantara dina abad ka-15, para wali maké wayang minangka média dakwah. Carita wayang dirobah supaya ngandung nilai-nilai Islam tapi tetep ngajaga unsur buday...