Postingan

Materi Warta

  Harti Warta Warta asalna tina basa Sansakerta anu hartina  kabar  atawa  béja . Warta nyaéta informasi ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener lumangsung sarta ditepikeun ka balaréa ngaliwatan média, boh média citak boh média digital. Unsur-Unsur Warta (5W + 1H) Warta miboga sababaraha unsur penting anu disebut  5W + 1H , nyaéta: What (Naon)  → Kajadian naon anu lumangsung? Who (Saha)  → Saha waé anu kalibet? Why (Naha)  → Naha éta kajadian bisa lumangsung? When (Iraha)  → Iraha waktuna kajadian? Where (Di mana)  → Di mana tempat kajadianana? How (Kumaha)  → Kumaha kronologis atawa jalan kajadianana? Struktur Warta Struktur warta biasana ngagunakeun  piramida tibalik , nyaéta inti pangpentingna ditempatkeun di bagian luhur. 1. Judul (Headline) Ngaran atawa téma warta anu matak narik perhatian nu maca atawa nu ngadéngé. 2. Bubuka (Lead / Teras Warta) Bagian pangpentingna anu ngandung inti informasi tina unsur 5W + 1H. 3. Eusi (...

Materi Kecap Sifat

  1. Harti Kecap Sipat Kecap sipat (ajéktifa) nyaéta kecap anu dipaké pikeun nerangkeun kaayaan hiji barang, jalma, sato, tutuwuhan, atawa rasa. 2. Jenis-Jenis Kecap Sipat •  Watak/Sifat Jalma:  Bageur, pinter, judes, soméah, koret. •  Warna:  Beureum, bodas, konéng, héjo, hideung. •  Ukuran:  Gedé, leutik, panjang, pondok, luhur, handap. •  Rasa (Indra):  Amis, pait (lidah), haneut, tiis (kulit), seungit, hanyir (irung). •  Kaayaan:  Ramé, sepi, ruksak, bersih, poék, caang. 3. Wangun (Bentuk) Kecap Sipat •  Salancar (Asli/Dasar):  Kecap asli anu tacan meunang parobahan. • Conto: Alus, goréng, bageur. •  Rundayan (Imbuhan):  Geus ditambahan rarangken (awalan/akhiran). • Conto: Pangpinterna, kageulisan, kasep pisan. •  Rajékan (Reduplikasi):  Kecap anu dipalikan atawa diulang. • Conto: Leutik-leutik, saalus-alus. •  Kantétan (Majemuk):  Gabungan dua kecap anu ngahasilkeun harti anyar/injeuman. ...

Materi Sastra Lagu

BAB 3  Sastra lagu téh tulisan/sajak nu dijieun khusu pikeun dinyanyikeun. Unsur Fisik ("Bungkus" Lagu) - Wangun (Tipografi): Susunan jajaran (baris) jeung pada (bait).  - Pilihan Kecap (Diksi): Nu nyiptakeun lagu moal sagawayah milih kecap. Contona, milih kecap "miang" tinimbang "indit" sangkan karasa leuwih puitis. - Citraan (Imajinasi): Kecap-kecap anu bisa ngahudang panca indra.  - Gaya Basa: Ngagunakeun babandingan. Contona: "Beungeutna lir bulan sapasi” - Purwakanti : Sora vokal nu sarua tungtungna - Wirahma (Irama): Naik turunna nada sarta panjang pondokna sora nalika dinyanyikeun. Unsur Batin ("Jiwa" Lagu) - Téma: Pondasi carita dina lagu. - Rasa: Gambaran kaayaan haté nu nyiptakeunana.  - Nada: Sikap nu nulis ka nu maca/ngadéngé. - Amanat: Pesen moral nu ditepikeun ku pangarang dina lagu.  Béda Jenis Lagu (Buhun vs Modéren) A. Puisi Buhun (Kuno) Ieu mah sastra anu kabeungkeut pisan ku aturan (patokan). - Sisindiran: Aya cangkang jeu...

Materi BAB 1 Kelas 12

 Istilah tradisi asal tina basa Inggris "tradition" jeung basa Latin "traditio" anu hartina adat kabiasaan atawa tali paranti anu diturunkeun ti karuhun tur masih dilaksanakeun dina kahirupan masarakat. Adat kabiasaan (adath) ngandung harti tabéat atawa sipat bawaan anu hésé dirobah. Tradisi kaasup folklor, nyaéta kabudayaan anu diwariskeun turun-temurun sacara lisan. Dina kahirupan masarakat Sunda, adat kabiasaan patali jeung siklus hirup. Rupa-rupa upacara adat anu biasa dilaksanakeun di antarana Adat Nyiram, Ngariksa nu Reuneuh (Tingkeban), Ngariksa nu Ngajuru, Mulasara Bali, Sundatan, Ngawinkeun, jeung Kapapatenan. Sajaba ti éta, aya ogé adat husus sapertos Sérén Taun di Cisolok, Nyangka di Pajalu, Ruat Bumi di Banjarsari, Suroan jeung Saparan di Cirebon, sarta Rebo Wekasam di Bogor.   Karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana. Karangan pedaran gedé mangpaatna pikeun ngalegaan ka...

Materi BAB 2 Biografi_Kelas 11

  A. Harti Biografi Biografi  téh tulisan ngeunaan  riwayat hirup saurang jalma (tokoh)  anu ditulis ku batur. Lamun ditulis ku dirina sorangan, disebutna  otobiografi . Tujuanana  pikeun méré informasi jeung jadi  teladan  ka nu maca. B. Ciri-ciri Téks Biografi Bisa  fiksi  atawa  nonfiksi Ditulis sacara  kronologis (alur maju)  jeung  museur ka tokoh Deskriptif  jeung  naratif Boga  struktur : orientasi, peristiwa penting, réorientasi Karakter tokoh  digambarkeun sacara jelas C. Wanda (Jenis) Téks Biografi Dumasar nu nulisna: Biografi : ditulis ku batur Otobiografi : ditulis ku sorangan Dumasar cara nulisna: Authorized : ku idin tokoh Unauthorized : tanpa idin tokoh Dumasar eusina: Riwayat hirup : nyaritakeun ti lahir nepi ka wafat Riwayat karir : fokus kana pagawéan atawa prestasi Dumasar wangunna: Singget : ringkes Panjang : leuwih jero jeung lengkep D. Struktur Téks Biografi Oriéntasi Bagian b...