Materi Sastra Lagu

BAB 3 

Sastra lagu téh tulisan/sajak nu dijieun khusu pikeun dinyanyikeun.

Unsur Fisik ("Bungkus" Lagu)

- Wangun (Tipografi): Susunan jajaran (baris) jeung pada (bait). 

- Pilihan Kecap (Diksi): Nu nyiptakeun lagu moal sagawayah milih kecap. Contona, milih kecap "miang" tinimbang "indit" sangkan karasa leuwih puitis.

- Citraan (Imajinasi): Kecap-kecap anu bisa ngahudang panca indra. 

- Gaya Basa: Ngagunakeun babandingan. Contona: "Beungeutna lir bulan sapasi”

- Purwakanti : Sora vokal nu sarua tungtungna

- Wirahma (Irama): Naik turunna nada sarta panjang pondokna sora nalika dinyanyikeun.

Unsur Batin ("Jiwa" Lagu)

- Téma: Pondasi carita dina lagu.

- Rasa: Gambaran kaayaan haté nu nyiptakeunana. 

- Nada: Sikap nu nulis ka nu maca/ngadéngé.

- Amanat: Pesen moral nu ditepikeun ku pangarang dina lagu. 

Béda Jenis Lagu (Buhun vs Modéren)

A. Puisi Buhun (Kuno) Ieu mah sastra anu kabeungkeut pisan ku aturan (patokan).

- Sisindiran: Aya cangkang jeung eusi.

- Guguritan: Kudu nurut ka aturan Guru Lagu (sora vokal tungtung) jeung Guru Wilangan (jumlah suku kata).

- Mantra: Sastra lagu anu dianggap miboga kakuatan goib, baheula mah dipaké jang jampé-jampé.

B. Lagu Pop (Modéren) Lagu anu hirup di jaman ayeuna.

- Bébas: Teu kudu mikiran sabaraha jajar dina sabaitna/ teu kaikeut ku aturan. 

- Éksprésif: Leuwih  (bebas) nyaritakeun kahirupan sapopoé.

- Musik: Geus maké alat musik modéren kawas band atawa éléktronik.

MATERI SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, hartina ngomong anu henteu langsung kana maksudna. Sisindiran kauger ku aturan (guru lagu jeung guru wilangan).

Struktur Sisindiran:

  1. Cangkang: Baris ka-1 jeung ka-2.

  2. Eusi: Baris ka-3 jeung ka-4 (maksud saenyana).


1. Rarakitan

Ciri utama rarakitan nyaéta aya kecap dina awal jajaran cangkang anu dibalikan deui dina awal jajaran eusi.

Conto (Piwuruk/Nasehat):

Sing getol nginum jajamu,                                   Nu guna nguatkeun urat.                                      Sing getol néangan élmu,                                  Nu guna dunya ahérat. (Kecap Sing jeung Nu dibalikan deui dina baris ka-3 jeung ka-4)


2. Paparikan

Paparikan asalna tina kecap parék (deukeut). Sora vokalna deukeut atawa sarua antara cangkang jeung eusi, tapi kecap mimitina mah béda (henteu dibalikan deui kawas rarakitan).

Conto (Sésébréd/Heureuy):

Ka kulah nyiar kapiting,                             Ngocok-ngocok bobodasna.                           Ulah sok liar ti peuting,                                   Osok loba gogodana.


3. Wawangsalan

Wawangsalan mah ngan diwangun ku dua jajaran. Jajaran kahiji mangrupa cangkang (teka-teki), jajaran kadua mangrupa eusi. Jawabanana (wangsalna) nyumput dina salasahiji kecap anu aya dina jajaran eusi.

Conto:

Belut sisit saba darat,                                 Kapiraray siang wengi.                                                        Wangsalna: Oray (Sora "ray" dina kapiraray, mirip jeung "Oray")

Materi Guguritan

Guguritan nyaéta karangan pondok anu disusun maké patokan Pupuh. Bentukna mangrupa puisi anu kauger pisan ku aturan-aturan nu tangtu.

Patokan Guguritan (Pupuh):

Dina nulis guguritan, kedah merhatoskeun:

Guru Wilangan, nyaéta jumlah engang (suku kata) dina unggal jajaran (padalisan). Cara ngétangna nyaéta dumasar kana sora anu dikaluarkeun tina lambé (bibir).

Conto: Ka-ku-lah-nyiar-ka-pi-ting = 8 engang (Guru wilanganna 8).

Guru Lagu, nyaéta sora vokal tungtung (a, i, u, e, o) dina unggal jajaran (padalisan). Anu ditingal téh sora vokalna, sanés hurup konsonanna.

Conto: Sing getol néangan élmu = Guru laguna nyaéta u.

Conto Panerapan dina Pupuh

Supados barudak langkung ngartos, ieu conto cara nganalisisna nganggo Pupuh Pucung:

Utamana jalma kudu réa tibu                                              Keur pigunaneun ka                                                             Jaga di ahérat nanti                                                        Cahaya anu moncorong ti jero kubur

Analisisna:

U-ta-ma-na-jal-ma-ku-du-ré-a-ti-bu (12 engang, vokal tungtung u) = 12-u

Keur-pi-gu-na-eun-ka (4 engang, vokal tungtung a) = 4-a

Ja-ga-di-a-hé-rat-nan-ti (8 engang, vokal tungtung i) = 8-i

Ca-ha-ya-a-nu-mon-co-rong-ti-je-ro-ku-bur (12 engang, vokal tungtung u) = 12-u

Pupuh nu Mindeng Digunakeun (Sekar Ageung):

Aya 17 jenis pupuh, tapi nu paling kawentar nyaéta KSAD:

  1. Kinanti: Watekna nunggu atawa prihatin.

  2. Sinom: Watekna gumbira atawa deudeuh.

  3. Asmarandana: Watekna silih asih atawa cinta.

  4. Dangdanggula: Watekna agung, manis, atawa nengtremkeun.

Materi Kakawihan

Kakawihan téh mangrupikeun salah sahiji rupa lagu Sunda anu sipatna tradisional. Bedana jeung kawih biasa, kakawihan mah biasana dikaitkeun jeung kaulinan barudak (permainan anak-anak).

Ciri-ciri Kakawihan:

  • Kauger ku aturan guru lagu jeung guru wilangan (sanajan teu sakaku pupuh).

  • Dipaké nalika barudak nuju ulin (kaulinan).

  • Basa anu digunakeunana basajan (mudah dipahami).

  • Tujuanana pikeun hiburan jeung nambahan sumanget nalika ulin.

Conto Kakawihan:

Judul: Cingciripit (Dipaké nalika nangtukeun saha nu jadi "ucing" dina ulin)

Cingciripit Tulang bajing kacapit Kacapit ku bulu ucing Ucingna olohok Ngeuuyeung bubu jolok


Materi Pupujian

Pupujian nyaéta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran Agama Islam. Pupujian asalna tina sa'ir (basa Arab) anu diropea kana basa Sunda. Biasana dinadomkeun (dinyanyikeun) di masjid, madrasah, atawa pasantrén sateuacan solat jamaah.

Fungsi Pupujian:

  1. Muji ka Gusti Allah: Kedah nganuhunkeun kana nikmat-Na.

  2. Sholawat ka Nabi: Panghormatan ka Nabi Muhammad SAW.

  3. Pepéling (Nasehat): Ngingetan jalma sangkan ibadah jeung amal soléh.

  4. Ajaran Agama: Nepikeun rukun Islam, iman, atawa fikih.

Conto Pupujian:

Judul: Éling-Éling Umat (Watak: Pepéling/Nasehat)

Éling-éling umat, muslimin muslimat Hayu urang berjamaah, solat fardu berjamaah Éta kawajiban, keur urang di dunya Pikeun bekel jaga, di ahérat jaga


 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

CARITA WAYANG (BAB 2) MATERI BAHASA SUNDA KELAS XII

Kalimah Aktif & Kalimah Pasif

Materi B.Sunda kelas 12 BAB 4 Drama