Materi BAB 2 Biografi_Kelas 11
A. Harti Biografi
Biografi téh tulisan ngeunaan riwayat hirup saurang jalma (tokoh) anu ditulis ku batur.
Lamun ditulis ku dirina sorangan, disebutna otobiografi.
Tujuanana pikeun méré informasi jeung jadi teladan ka nu maca.
B. Ciri-ciri Téks Biografi
Bisa fiksi atawa nonfiksi
Ditulis sacara kronologis (alur maju) jeung museur ka tokoh
Deskriptif jeung naratif
Boga struktur: orientasi, peristiwa penting, réorientasi
Karakter tokoh digambarkeun sacara jelas
C. Wanda (Jenis) Téks Biografi
Dumasar nu nulisna:
Biografi: ditulis ku batur
Otobiografi: ditulis ku sorangan
Dumasar cara nulisna:
Authorized: ku idin tokoh
Unauthorized: tanpa idin tokoh
Dumasar eusina:
Riwayat hirup: nyaritakeun ti lahir nepi ka wafat
Riwayat karir: fokus kana pagawéan atawa prestasi
Dumasar wangunna:
Singget: ringkes
Panjang: leuwih jero jeung lengkep
D. Struktur Téks Biografi
Oriéntasi
Bagian bubuka, ngawanohkeun tokoh.Peristiwa jeung Masalah
Bagian inti carita, ngurutan kajadian penting, masalah, jeung pangalaman tokoh.Réoriéntasi
Bagian panutup, méré kacindekan ngeunaan tokoh sacara netral.
E. Unsur Basa dina Teks Biografi
Dina téks biografi, ilahar kapanggih rupa-rupa jinis kecap jeung struktur kalimah ieu di handap:
Kecap Sulur (Kata Ganti): Ngaganti ngaran tokoh, biasana jalma katilu (anjeuna, manehna, mantenna)
Conto: “Anjeunna lahir di Cicalengka.”Kecap Panyambung (Konjungsi): Nyambungkeun kecap atawa kalimah.
Conto: “Berjuang jeung ngadegkeun sakola.”Kecap Pagawéan (Kata Kerja): Nuduhkeun tindakan.
Conto: “Déwi Sartika ngadegkeun Sakola Istri.”Kecap Sipat (Kata Sifat): Nuduhkeun sipat.
Conto: “Jalma nu bageur tur pinter.”Kecap Pangantét jeung Kecap Barang: Nuduhkeun tempat, waktu, jsté.
Conto: “Lahir di Cicalengka.”Acuan atawa Déiksis: Ngacu ka hal nu geus disebut.
Conto: “Déédi urang Garut. Cicingna di Bandung.” (na ngacu ka Déédi.)Kalimah Salancar (Kalimat Tunggal): Kalimah basajan, ngandung hiji jejer, hiji cartaan, jeung hiji udagan.
Conto: “Dewi Sartika ngadegkeun Sakola Istri.”Kalimah Wawaran
Kalimah wawaran (deklaratif) nyaéta kalimah anu eusina ngabejaan hiji hal. Dina téks biografi, kalimah wawaran penting pisan sabab gunana pikeun méré informasi ngeunaan tokoh.
Ciri-ciri Kalimah Wawaran
Eusina ngabejaan, lain pikeun nanya atawa nitah.
Henteu merlukeun respon langsung, nu maca teu kudu ngajawab atawa ngalakukeun nanaon.
Dina tulisan, biasana di ahir kalimah make tanda titik (.).
Dina lisan, intonasi sora datar, henteu nanjak atawa turun siga keur nanya.
Conto Kalimah Wawaran
Radén Déwi Sartika boga cita-cita luhur.
Pikeun ngalaksanakeun cita-citana, Radén Déwi Sartika ngadegkeun sakola.
Jenis-jenis Lentong dina Kalimah Wawaran
Aksén Dinamis: Lentongna rada panjang di awal.
Aksén Tonis: Lentongna nanjak, tuluy turun rada panjang.
Aksén Temporal: Lentongna turun, tuluy nanjak, sarta di ahir pondok.
Léngkah-léngkah Nyusun Teks Biografi
Kumpulkeun informasi dasar — ngaran, tempat/tanggal lahir, ngaran kolot, jeung riwayat singket.
Neangan data jeung informasi tina rupa-rupa sumber anu patali jeung tokoh.
Pilah-pilah data — pilih informasi anu penting jeung diperlukeun.
Olah data jeung informasi — susun data anu geus kapanggih supaya bisa dijadikeun tulisan biografi.
Rangkai kalimah-kalimah — jieun kalimah anu nyambung, logis, sarta saluyu jeung aturan nulis biografi.
Jieun abstrak (ringkesan) biografi — nyieun ringkesan eusina saméméh dijieun téks lengkep.
Mekarkeun abstrak jadi téks biografi lengkep — tuliskeun dumasar kana sistematika.
Komentar
Posting Komentar