Materi BAB 1 Kelas 12

 Istilah tradisi asal tina basa Inggris "tradition" jeung basa Latin "traditio" anu hartina adat kabiasaan atawa tali paranti anu diturunkeun ti karuhun tur masih dilaksanakeun dina kahirupan masarakat. Adat kabiasaan (adath) ngandung harti tabéat atawa sipat bawaan anu hésé dirobah. Tradisi kaasup folklor, nyaéta kabudayaan anu diwariskeun turun-temurun sacara lisan.

Dina kahirupan masarakat Sunda, adat kabiasaan patali jeung siklus hirup. Rupa-rupa upacara adat anu biasa dilaksanakeun di antarana Adat Nyiram, Ngariksa nu Reuneuh (Tingkeban), Ngariksa nu Ngajuru, Mulasara Bali, Sundatan, Ngawinkeun, jeung Kapapatenan. Sajaba ti éta, aya ogé adat husus sapertos Sérén Taun di Cisolok, Nyangka di Pajalu, Ruat Bumi di Banjarsari, Suroan jeung Saparan di Cirebon, sarta Rebo Wekasam di Bogor.

  Karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana. Karangan pedaran gedé mangpaatna pikeun ngalegaan kaweruh atawa wawasan hiji jalma. Dina basa Indonésia, karangan pedaran téh sok disebut karangan bahasan atawa karangan éksposisi. Ku lantaran ngajéntrékeun atawa medar hiji perkara, aya rupa-rupa téhnik nu dipaké dina nulis karangan pedaran, di antarana:

1) Teknik idéntifikasi, nyaéta ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung medar ciri-cirina éta perkara atawa barang;

2)  Teknik klasifikasi, nyaéta ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung nyieun papasingan éta perkara atawa barang;

3)  Teknik Definisi, nyaéta ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré wangenan kana éta perkara atawa barang:

4) Teknik Ilustrasi, nyaéta ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran kana éta perkara atawa barang;

5) Teknik Proses, nyaéta ngajéntrékeun hiji perkara ku cara néangan jeung méré gambaran prosés nyieunna éta barang

  KERANGKA KARANGAN PEDARAN

  Teu béda ti adegan karangan lianna, umumna mah rangkay, raraga, atawa kerangka karangan pedaran téh diwangun ku tilu bagian, nyaéta (1) bubuka, (2) bagéan eusi, jeung (3) bagéan pamungkas.

 1) Bagian Bubuka, eusina midangkeun hal-hal umum perkara eusi pedaran: (a) alesan milih jejer (topik) pedaran, (b) pentingna jejer (topik) pedaran, (c) legana pedaran, (d) watesan jejer pedaran, (e) masalah-masalah anu dipedar, (f) tujuan jeung gunana pedaran. 

2) Bagian Eusi, eusina midangkeun objek nu dipedar, saperti (a) wujud jeung wangunna objék, (b) gunana objék, (c) wanda atawa tipena objék, (d) cara-cara nyieunna objék, kitu ogé lamun aya. 

3) Bagian Pamungkas (Panutup), eusina midangkeun dua hal : (a) kacindekan tina eusi pedaran,  (b) saran-saran

   Lamun hidep rék nulis karangan pedaran, aya sawatara cara nu bisa dilaksanakeun, di antarana waé:

(1) Netepkeun pasualan atawa perkara nu rék ditulis; (2) Ngumpulkeun bahan atawa data keur ngarojong eusi karangan pedaran, biasana mah tina buku, koran, majalah, atawa internét;

(3) Mikiran pijuduleun anu matak ngirut ka nu maca; (4) Nyusun raraga atawa rangkay karangan;

(5) Mekarkeun rangkay karangan jadi alinéa-alinéa nepi ka jadi karangan gembleng; jeung

(6) Nyarungsum karangan nu geus jadi.


 Gaya Kapamingpinan Sunda

  Kapamingpinan Sunda diulas dina naskah kuno Sanghiyang Siksa Kandang Karesian ti taun 1518. Dina naskah éta, kapamingpinan Sunda dibagi kana tilu unsur utama :

1)Sang Prabu (Eksekutif) - Pamingpin utama nu ngajalankeun hukum jeung kawijakan pamaréntahan. Anjeunna kudu boga watek teguh jeung taat kana hukum.

2) Sang Rama (Legislatif) - Pamingpin masarakat jeung kulawarga nu ngawujudkeun kaadilan sosial sarta ngajaga kasaimbangan antara kulawarga jeung masarakat

3) Sang Resi (Yudikatif) - Golongan nu ngurusi hukum agama jeung nagara, ngajaga kaadilan jeung kasugemaan lahir batin.

Dina naskah éta ogé disebutkeun Parigeuing, hiji prinsip pikeun jadi pamingpin anu bijaksana, nyaéta kudu bisa masihan paréntah kalayan cara anu pikagenaheun, sangkan jalma anu diparéntah teu ngarasa dipaksa. Pikeun ngalaksanakeun Parigeuing, pamingpin kudu ngalaksanakeun Dasa Pasanta (10 prinsip pikeun nengtremkeun haté jalma anu diparéntah), nu diantarana nyaéta:

1.Guna - Ngartikeun gunana paréntah.

2.Ramah - Paréntah kudu disalurkan kalayan sopan

3.Hook - Paréntah kudu méré kayakinan. 

4.Pésok - Paréntah kudu matak reueus. 

5.Asih - Paréntah kudu pinuh ku rasa nyaah.

6. Karunia/Karunya - Paréntah kudu ditarima salaku kurnia atawa kapercayaan

7. Mukpruk - Paréntah kudu dilaksanakeun kalayan ikhlas.

8. Ngulas - Pamingpin kudu bisa masihan ulasan anu méré pangajén

9.Nyecep - Ngabantu ngajén pikir bawahan. 

10.Ngala angen - Narik simpati sareng ngajaga silaturahmi pikeun ngawangun loyalitas. 

Watek Hade

Pangimbuhning Twah mangrupakeun 12 sipat hadé anu kudu dipibanda pikeun hirup anu suksés, diantarana: Emét(hemat), Imeut (cermat), Rajeun (rajin), Leukeun (tekun), Pakapradana (pribadi jujur), Morogol-rogol (semangat maju), Purusa ning sa (jiwa pahlawan), Widagda (bijaksana), Gapitan (yakin kana diri), Karawaleya (dermawan), Cangcingan (gesit), jeung Langsitan (rapih).

Paharaman 

Paharaman nyaéta 4 karakter anu kudu dijauhan diantara Pundungan (teu maju), Babarian (gampang kasigeung), Humandeuar (putus asa), jeung Kukulutus (munafik).

Komentar

Postingan populer dari blog ini

CARITA WAYANG (BAB 2) MATERI BAHASA SUNDA KELAS XII

Kalimah Aktif & Kalimah Pasif

Materi B.Sunda kelas 12 BAB 4 Drama