Materi B. Sunda kelas XII BAB 3 (RESENSI)

Résénsi asalna tina basa Walanda resensie, hartina ngajen atawa méré penilaian kana hiji karya (saperti buku, pilem, drama, atawa lagu).

Tujuan & Kagunaanna

Kagunaan Résénsi

- Méré informasi ka masarakat ngeunaan kaunggulan jeung kakurangan karya.

- Ngajak masarakat pikeun ngapresiasi karya.

Rupa-rupa Résénsi

- Informatif: ngan nyaritakeun eusi singket.

- Déskriptif: ngajelaskeun bagian-bagian karya.

- Kritis: méré analisis jero jeung dasar logis.

Sarat Ngarésénsi:

- Ngarti eusi jeung kontéks karya.

- Bisa nganalisis obyéktif nganggo bukti/fakta.

- Apal kana karya séjén pikeun perbandingan.

Léngkah-léngkah Nyusun Résénsi :

- Milih buku/film/drama/lagu anu bermutu atawa populér.

- Maca atawa lalajo karya kalayan daria.

- Nyatet alur, téma, palaku, bagian pikaresepeun jeung kurangna.

- Nulis pamadegan pribadi.

- Nulis idéntitas karya

- Nyusun tulisan nurutkeun sistematika.

Sistematika Resensi 

1. Judul résénsi

2. Idéntitas karya

3. Ringkesan eusi carita

4. Kaunggulan jeung kakurangan karya

5. Pamadegan pribadi


 Kritik Sastra

Kritik sastra téh usaha pikeun nganalisis, ngarti, jeung ngevaluasi karya sastra pikeun ningali nilai artistik jeung pesenna.

Léngkah-Léngkah Ngeritik Karya

Maca karya sacara teliti

Nganalisis unsur-unsur karya (tema, karakter, alur, jsb.

Ngevaluasi kualitas karya

Tahapan (Analisis – Interpretasi – Evaluasi)

Analisis: ngarecah unsur-unsur karya

Interpretasi: ngarti jeung nyaritakeun makna karya

Evaluasi: ngevaluasi kualitas karya, naha karya téh sukses atawa henteu.

TUGAS!!! 

JIEUN HIJI RESENSI BISA BUKU, FILM, DRAMA, LAGU/MUSIK!


Komentar

Postingan populer dari blog ini

CARITA WAYANG (BAB 2) MATERI BAHASA SUNDA KELAS XII

Kalimah Aktif & Kalimah Pasif

Materi B.Sunda kelas 12 BAB 4 Drama